Paribasa Bahasa Sunda

Paribasa te’h omongan anu mangrupa kalimah atawa beungkeutan kecap anu geus matok, teubisa dirobah.

Conto paribasa bisa di tetenan ieu dihandap :

  •  Mamatahan ngojay kameri = Mapatahan ka jalma anu geus ahlina.
  •  Lauk buruk milu mijah = Pipilueun nyarita atawa ilu bingung kana sarupa urusan.
  •  Jati kasilih ku junti = Kahirupan pribumi kae’le’hken ku se’mah (pendatang).
  •  Ade’an ku kuda beureum = Ngarasa agul ku barang meunang nginjeum.
  •  Cul dog-dog tinggal igel = Pagawe’an poko diantepkeun kalah migawe’ nu teu perlu.
  •  Jabung tumalapung sabda kumapalang = Milu nyarita bari ngarumasakeun taya kabisa, tapi lantaran kapaksa.
  •  Agul ku payung butut = Jalma anu sok nyaritakeun ye’n mane’hna turunan me’nak baheula, sanajan ayeuna hirup taya kaboga.
  •  Ambek nyedek tanaga midek = Kacida ambekna ngan moal bisa ngalawan lantara moal pi kakuaten.
  •  Balungbang timur caang opat welas, jalan ge’de’ sasapuan = ridha, ikhlas, sukapisan.
  •  Banda tatalang raga = leuwih hade’ ngorbanken harta tibatan awak.
  •  Adat kakurung ku iga = Lakulambah kurang hade’ anu he’se’ di leungitkeuna.
  •  Cikaracak ninggang batu laun laun jadi kegok = Awahing ku leukeun laun-laun jadi bisa.
  •  Datang kate’njo tarang, undur kate’njo awak = tatakrama anu amitan, ne’mbongkeun ye’n taya geuneuk maleukmeuk atawa teu se’rong salingkuh
  •  Endog saparatangan tara megar kabe’h = Di antara dulur-dulur saindung sabapa sok aya bae’ nu teupati alus milikna.
  •  Gasik nampi gancang narima = Ngabage’akeun tamu (Se’mah) ku budi jeung bahasa nu hade’.
  •  Henteu gedag bulu salambar = Henteu sien atawa henteu gimir saeutik-eutik acan.
  •  Teu busik bulu salambar = Salamet atawa meunang kaunggulan, henteu kabeunangan ku musuh.
  •  Lain palid ku cikiih, lain datang ku cileuncang = Lain jalma nu sadar-sadar, tapi datang ku sabab bog tujuan nu tangtu.
  •  Mangkok emas eusi madu = Jalma anu omonganana, lampahna, nei ka hate’na hade’.

Tinggalkan komentar